Ai

Arek mungkir euweuh alesan keur mungkir
Asep endag ku Ai
Hese bohong rumasa teu bisa bohong
Asep oleng ku Ai

Ayeuna sisiga nu kabedil ku jangjawakan
Kapanah ku kinasihan
Lieur ku Ai

Kabedil ku jangjawakan
Kapanah ku kinasihan
Gelo ku Ai

Samara sasamar polah
Teu bisa dipapaleutkeun
Teu bisa dibebenjokeun
Nu aya dina lamunan beurang peuting
Ukur Ai

Rumasa teu bisa mungkir
Asep oyag-oyagan ku Ai
Rumasa teu bisa bohong
Asep eundeug-eundeugan ku Ai
Tue bisa mungkir jeung bohong
Nu aya dina hate Asep ngan ukur Ai
Labels: Doel Sumbang
0 Komentar untuk "Ai"

Back To Top